Posts

Showing posts from February, 2021

Dayang Sumbi

Hayang nyaho awéwé mana nu geus nyasaak haté anak kuring. Anak kuring nu sakitu gagahna, gandang jeung perténtang, pinuh sima jeung wibawa, nepi ka aya nu wani nampik. Geus aya dua bulanna anak kuring - Adrian- gering nangtung ngalanglayung, teu beunang ditanya-tanya acan.  Hayang nyaho cucungahna tah, awéwé siga kumaha nu geus wani nganyerihatékeun téh? Mun téa mah anak kuring aya kakurangan, dina palebah naonna? Ceuk sasaha gé anak kuring mah salian ti kasép, gagah, karier alus, oge jalmana soméah, sopan, jauh tina sombong. Mun téa mah aya nu nampik, asa ku bodo-bodo teuing éta awéwé. Mangka anak kuring téh ahli waris tunggal pausahaan kuring. Sakeudeung deui gé pausahaan sarta harta kakayaan baris diturunkeun ka manéhna.  Geus dua bulan Adrian nguluwut waé, siga nu keuna ku to’un. Ditawaran gé awéwé nu geulis sarta berpendidikan, manéhna gideug. Ditawaran anak rélasi-rélasi kuring, tetep gideug. Ambek nyedek ka jalma nu can tangtu bungkeuleukannana. Antukna, kuring ne