Dayang Sumbi

Hayang nyaho awéwé mana nu geus nyasaak haté anak kuring. Anak kuring nu sakitu gagahna, gandang jeung perténtang, pinuh sima jeung wibawa, nepi ka aya nu wani nampik. Geus aya dua bulanna anak kuring - Adrian- gering nangtung ngalanglayung, teu beunang ditanya-tanya acan. 

Hayang nyaho cucungahna tah, awéwé siga kumaha nu geus wani nganyerihatékeun téh? Mun téa mah anak kuring aya kakurangan, dina palebah naonna? Ceuk sasaha gé anak kuring mah salian ti kasép, gagah, karier alus, oge jalmana soméah, sopan, jauh tina sombong. Mun téa mah aya nu nampik, asa ku bodo-bodo teuing éta awéwé. Mangka anak kuring téh ahli waris tunggal pausahaan kuring. Sakeudeung deui gé pausahaan sarta harta kakayaan baris diturunkeun ka manéhna. 

Geus dua bulan Adrian nguluwut waé, siga nu keuna ku to’un. Ditawaran gé awéwé nu geulis sarta berpendidikan, manéhna gideug. Ditawaran anak rélasi-rélasi kuring, tetep gideug. Ambek nyedek ka jalma nu can tangtu bungkeuleukannana. Antukna, kuring nekad rék nepungan mangkelukna. Salian ti hayang nyaho siga kumaha, ogé sugan wé bisa diolo, jadi daékeun ka anak kuring. 

Ongkoh indungna ngerenyih waé. Pangolokeun kanggo Adrian, cenah. Sugan ku Apa mah tiasa diolo da tos pangalaman. Ari Adrian mah bau jaringao kénéh. Ceuk indung Adrian, aéh ceuk pamajikan kuring. Siga teu sieun-sieuneun malah kuring nu bakal kaolo, he…he…. 

Kuring diuk pahareup-hareup di hiji kafé jeung hiji wanoja nu umurna sigana pakokolot supa jeung umur Adrian. Tina dangdananna, katingal manehna hiji wanoja millennial. Éta wanoja maké baju kaos pondok sarta calana jeans. Buuk direbounding, ngarumbay satonggong. Kulit bodas beresih nutupan awakna nu camperenik. Pipi ngadaun seureuh dipulas ku warna kayas, humairoh ceuk basa barudak ayeuna mah. Biwir dipulas gincu sahéab, mingkin nambahan kageulisanna. Siga widadari téh lain bobohongan. Ngan hanjakal kuring teu pati sidik kana panonna, sabab ditutup ku kaca mata hideung. 

“Badé aya naon?” pokna. Ngadéngé sorana nu halimpu, dadak sakala dada ngageter, ratug tutunggulan. Di tukangeun kaca mata hideungna, manéhna siga mencrong kuring jero.

“Ehm…,” kuring ngadéhém, ngeleungitkeun rasa kasima. 

Naha bet jadi salah tingkah kieu? Siga waé rék nanyaan. Paingan teuing anak kuring meni kapéngpéongan. Da geuning kakara panggih gé meni matak salah tingkah. Tétéla, ieu lain awéwé samanéa. Boga sima jeung wibawa. Atawa boa teuing boga ajian nu matak bisa ngalumpuhkeun satiap lalaki. Haté kuring hantem galécok.

“Badé aya naon?” sakali deui sora halimpu kaluar tina biwirna. Kuring ngagebeg. Horéng tatadi téh kuring can ngomong sakemék-kemék acan.

“Eu…a...eu…,” kuring teu bisa ngomong. Dadak sakala bet siga aya nu nyocokkan dina tikoro. Deuh, mun téa mah tadi jadi dibaturan ku Mang Dana, supir kuring, tada teuing érana. Hadéna wé Mang Dana daékeun nungguan di luar. Maenya cenah meureun Pa Diréktur nu biasana ngomong perténtang, ayeuna jadi aa eueu siga nu karék diajar ngomong. 

“Ehm…,” kuring ngadéhém sakali deui.

 “Kieu, Neng. Hapunten sateuacanna tos kumawantun ngaganggu,” ceuk kuring dédépéan. Amarah nu tadina ngagugudug keur awéwé nu nganyerihatékeun anak kuring, jol leungit. 

 “Teu sawios,” pokna dibarengan imut ngagelenyu. Deg! Haté beuki ngageter.

 “Kuring Bapana Adrian, seja ngawakilan Adrian ngawakcakeun eusi haté anjeunna, yén Adrian hoyong mihukum salira,” ceuk kuring rada norolang.

“Kapan tos diwaler langsung ka Adrian perkawis éta mah,” ceuk manéhna. 

 “Muhun. Mung saurna ditampik ku salira. Adrian sapertos nu ilang akal, langlang lingling teu puguh. Ayeuna kuring ngawakilan anjeunna, wawantunanan ngawakcakeun deui. Manawa sareng manawi salira kersa nampi kanyaah Adrian, sareng salira kersa janten batur hirupna.” Ngagorolang ayeuna mah ngomong téh. 

Éta wanoja teu ngajawab. Katingal manéhna ngaluarkeun sabungkus roko jeung korékna. Teu nawaran teu amitan, éta wanoja langsung ngahurungkeun rokona. Diseuseup lila, tuluy dikaluarkeun. Serebung, serebung,… haseup kaluar tina baham jeung irungna. 

Kuring ngembang kadu. Ieu wanoja bener-bener gaul. Ari sugan andalemi. Geuning kana roko bangun geus nyandu. Haseup roko nyerebung teu eureun-eureun, siga kareta api jaman baheula. 

Teu kungsi lila, pok manéhna ngomong. Basana teu deui lemes jeung alon siga tadi. Basana ngagunakeun basa ka sobat dalit. Sorana teu halimpu deui siga tadi, tapi agem jeung jero. Matak muringkak bulu punduk.

“Baheula, aya hiji pasangan papacangan. Duanana silih pikacinta. Bakat ku nyaah ka beubeureuh, nu wanoja daék masrahkaeun sagalana, saupama pasangan nu geus laki rabi. Hiji waktu, si lalaki kudu neruskeun pausahaan Bapana sarta kudu kawin jeung awéwé nu dipilih ku kolotna. Teu mungpang teu nolak, éta lalaki nedunan kahayang kolot sarta ninggalkeun wanoja nu geus masrahkeun sagalana ka manéhna.” 

Sajongjonan manéhna cicing bari terus nyerebung-nyerebung haseup roko. Kadang dibarengan ku mareuman kuntung roko kana asbak, bari dikekesek, siga ngekesek jalma nu dipikaijid ku manéhna. Kuring teu lemék teu nyarék. Masih hémeng kana carita nu dipedar ku manéhna. Naon maksudna, jeung saha éta pasangan nu dimaksud téh? Tapi kuring teu nanyakeun. Cicing ngadagoan sambungan carita manéhna.

“Nyeri taya tanding. Tatu dina haténa moal lita najan saumur hirup. Kembang geus ligar, maduna geus diseuseup, moal teuing aya bangbung nu daék ngadeukeutan deui. Antukna éta wanoja luluasanan, malidkeun manéh ka walungan nu caina umpal-umpalan.” 

Kuring ngahuleng. Ké, ké, ieu carita téh asa wawuh. Otak muter, teu sirikna juralit jumpalik, nginget-nginget kajadian nu sarupa jeung dongéng ieu.

“Awakna kabawa palid ka muara, terus ka sagara nu legana satungtung deuleu. Saha nu nyana, horéng geuning aya dunya lain. Di dinya manéhna tapa, guguru ka nu ngageugeuh lautan, ménta sangkan kanyeri dibales ku nu sabanding. Manéhna ogé ménta, sangkan dirina tetep ngora jeung geulis saperti ngora jeung geulisna Dayang Sumbi waktu nungguan Sangkuriang. Ngan manéhna mah lain rék nungguan anakna nu leungit, tapi nungguan mayar kanyeri ka beubeureuhna nu cidra kana jangji,” pokna.

“Dayang Sumbi?” kuring rungah-ringeuh.

Bet asa inget ka jaman baheula, mangsa kuring lalagasan. Kuring boga bébéné hiji awéwé geulis camperenik, pinter ngigel, utamana jaipong. Kaparigelanna dina ngigel ngajadikeun manéhna béntang panggung. Manéhna mindeng manggung dina karyaan. Kuring sok milu bari ngajaga dirina ti lalaki-lalaki cunihin. Najan jadi béntang panggung, teu ieuh ngajadikeun dirina adigung jeung tolohéor. Malahan, manéhna hiji wanoja nu satia. Manéhna kacida mikacinta kuring, nyakitu deui kuring ka manéhna. Kaasih kuring jeung manéhna moal laas nepi ka dunya kiamat. 

Sok inget waktu manéhna bérés manggung peuting. Béntang panggung nu jadi impian sakabéh lalaki jadi milik kuring. Kuring jeung manéhna bakal nyacapkeun kasono, silih simbeuh ku kaasih nepi ka kongkorongok hayam. Kaasih, kahéman, sagala rasa dibudalkeun. Tambah poé, mingkin tambah kanyaah. Nepi ka hiji poé manéhna ngomong, yén mun hiji waktu kuring nepi ka ninggalkeun, manéhna mah rek nungguan kuring saperti Dayang Sumbi nungguan Sangkuriang. 

Harita, kuring ngan saukur seuri. Asa ku jararauh bet mawa-mawa Dayang Sumbi sagala. Jeung barina ogé, moal teuing kuring ninggalkeun. Kuring pasti jatukrami jeung manéhna. Tapi saha nu nyangka, hiji poé kuring bener-bener ninggalkeun manéhna. Kahayang kolot teu bisa dipungpang. Kuring hiji-hijina anak nu kudu neruskeun usaha kolot. Mun di kerajaan mah putra makuta kuring téh. Siga pangéran nu kudu naék tahta karajaan, kuring ogé kudu jadi penerus. Salian ti dibére tahta, kuring ogé dibéré calon praméswari, nu bakal maturan salila kuring kumelendeng di alam dunya. Bingung pilampaheun. Tapi, daék teu daék kuring kudu nedunan kahayang kolot. 

Inget kana lalakon éta, gebeg kuring ngagebeg. Naha meni sarua pisan ngaran jalma dina carita nu dipedar ku éta wanoja jeung lalakon kuring baheula? Boa-boa nu hareupeun téh anakna urut bébéné kuring? Nu matak Adrian ditolak ogé meureun inget kana lalakon indungna baheula. Tapi, pan beubeureuh kuring mah geus euweuh di kieuna. Mustahil boga anak. 

“Dupi Néng téh saha kitu? Sareng naha bet medar lalakon tadi?” tanya kuring, ngawani-wani manéh. 

Éta wanoja teu ngajawab. Manéhna kalah nangtung bari muka kaca mata hideungna. Wanoja nu diuk hareupeun dadak sakala robah jirim. Manéhna lain deui wanoja jaman ayeuna nu buukna direbounding sarta maké baju pondok jeung calana jeans. Manéhna dadak sakala  jadi maké kabaya, samping, jeung karémbong. Buukna disanggul jeung dirias. Ti luhur nepi ka handap, lengkep badis nu rék ngibing jaipong di panggung. Kuring ngagebeg pinuh kareuwas. 

Naha ieu wanoja bet jadi robah kieu? Panon digisik bisi salah tetempoan. Tapi tétéla, éta wanoja geus robah jirim. Kaayaan di jero kafé ngadadak robah jadi tempat suni euweuh jalma hiji-hiji acan salian ti kuring jeung éta wanoja. Éta rohangan kosong molongpong siga rohangan jaman baheula. Lampu neon ganti jadi cempor nu seuneuna kakalicesan katebak angin. Euweuh jalma hiji-hiji acan, tapi gelas jeung botol kadéngé trang-tring siga aya jalma nu keur nginum atawa nyician cai. Korsi ogé katingali endag-endagan, bangun aya nu ngadiukan. Kadéngé sora tinghariung teu puguh dibarung ku nu ngirung jeung ngahihih. 

Rey bulu punduk maruringkak. Kadéngé di luar angin ngagelebug. Sorana nyéor matak pikarémpaneun. Tatangkalan tingpeleték, siga nu ting pelenoy sarta paadu jeung tatangkalan lianna. Hujan turun ngagebret. Sorana handaruan, pacampur jeung séorna angin katut guludug nu ting jelegér. Kaayaan bener-bener robah. Kuring siga nyaba ka tempat nu jauh teuing di mana. 

Panon kuring molotot, késang morolok, ambekan ngahégak pinuh kasieun. Manéhna ngadeukeutan kuring. Kuring cengkat tina korsi, terus mundur lalaunan. 

“Anjeun geus cidra kana jangji. Madu geus diseuseup, terus anjeun indit ninggalkeun kuring,” pokna bari neuteup seukeut. 

“S…s…saha anjeun téh?” 

Éta wanoja teu ngajawab. Manéhna kalah terus maju ngadeukeutan. Kuring undur-unduran. 

“Tapi najan anjeun cidra, kuring mah tetep tigin kana jangji. Kuring ngalaksanakeun jangji, nungguan anjeun salilana. Ieu téh waktu nu dianti-anti ku kuring,” pokna deui. Éta wanoja beuki deukeut waé.

“Geus bau taneuh anjeun teh, Darma. Tempo, kulit geus paréot, huis geus cetuk. Geus teu pantes rumingkang di alam dunya. Geus meujeuhna indit,” cenah bari ngépéskeun karémbong, siga nu rék makalangan di panggung. 

“Tatu dibayar tatu. Pati dibayar pati,” pokna bari terus ngépés-ngépéskeun karémbong. Terus manéhna ngibing jaipong siga nu keur tampil di karyaan. Dadak sakala kaayaan nu tadi simpé euweuh sasaha, ayeuna jadi ramé. Éta tempat jadi pinuh ku jalma nu nongton karyaan. Wanoja hareupeun kuring ngibing beuki motah, ngudag wirahma tukang kendang. Nu nongton éak-éakan, nyumangetan nu ngibing. Kuring jeung éta wanoja aya di tengah-tengah jalma nu keur lalajo. 

Sanggeus sawatara lila ngibing, manéhna eureun. Tukang kendang jeung jalma nu narongton ngadadak ngiles deui. Boa jalma nu tadi éak-éakan téh ririwa. Meureun wanoja nu aya hareupeun gé moal jauh ti kitu. Kuring ngabirigidig.

Éta wanoja mencrong deui ka kuring. Terus manéhna leumpang lalaunan. Késang beuki morolok. Tuur beuki nyorocod. Ambekan beuki pondok alatan nahan kasieun. 

“Ampun. Ampuuun…. Hampura kuring. Kuring hayang kénéh hirup. Kuring boga kulawarga. Ulah cabut nyawa kuring.” Kuring lewa-lewé, geus teu inget di kaéra. 

“Asa teu pantes ménta ampun ka kuring. Teu inget waktu harita kuring lumengis ménta pertanggungjawaban anjeun sanggeus naon nu dipilampah ku anjeun ka kuring. Tapi anjeun ngusap birit bari terus indit,” pokna ditungtungan ku amarah.Kuring beuki ngeleper. 

"Ampuuun…. Tong cabut nyawa kuring.” Kuring sujud, teu sirikna nyembah-nyembah ka manéhna, terus ngudupruk lir kapas kaibunan. Sugan téh rék beuki ambek. Kadéngé manéhna kalah nyikikik siga nu kabéda. 

“Saha nu rék nyabut nyawa anjeun? Kuring lain tukang nyabut nyawa. Kuring mah leumpang téh lain ngadeukeutan anjeun, tapi mapag beubeureuh kuring, hi...hi…hi,” pokna. 

“Maksud anjeun?” tanya kuring bari nyengkatkeun beungeut.

“Enya, mapag beubeureuh. Kapan tadi anjeun ménta kuring sangkan jadi batur hirupna. Ku kuring ditarima. Ayeuna ku kuring dipapagkeun. Kuring mah rék indit jeung manéhna, nu héman sarta satia ka kuring. Teu siga anjeun nu sulaya jeung hianat.” 

Bener wé. Eta wanoja tuluy ngalégod ka belah kénca, muru lawang. Satuluyna manéhna katempo ngaléng lalaki nu teu bireuk deui keur kuring mah: Adrian, anak kuring. Kuring ngarénjag. 

“Adrian!” kuring nyelukan. Tapi Adrian teu maliré. Manéhna kalah imut ngagelenyu ka wanoja nu mapag. Wandana sumringah, lir panggih jeung beubeureuh nu dianti-anti.

“Adrian! Adrian!” kuring gogorowokan. Tapi Adrian teu ngarérét-rérét acan. Tuluy manéhna malik ngaléng ka éta wanoja. Enya, wanoja nu baheula boga cita-cita hayang siga Dayang Sumbi, nu bakal tetep ngora salilana. Manéhna, bébéné kuring baheula, nu malidkeun manéh ka walungan. Jasadna kapanggih ngangkleung di sagara sanggeus dua minggu lilana. 

Éta wanoja leumpang bari ngaléndéan kana taktak Adrian. Terus maranéhna indit bari teu eureun silih teuteup jeung silih balédog ku kaasih. 

Kuring gogorowokan. Luak lieuk ka sabudeureun, sugan aya jelema nu bisa nulungan. Tapi euweuh nu ngulampreng hiji-hiji acan. Mang Dana oge ka mana? Euweuh datang nulungan. Piraku teu kadéngéeun sangkilang kuring gogorowokan. Teu lila handphone disada. Waktu diangkat, pamajikan nelepon bari ceurik luwa lewé. 

“Adrian, Pa. Adrian…,” cenah bari ngahinghing.

"Adrian kunaon?” ceuk kuring.

“Adrian….” 

 “Enya kunaon?” 

 “Adrian nabrakkeun manéh kana beus. Ayeuna layonna di Rumah Sakit kénéh,” cenah bari terus ceurik gagauran. 

Awak lir asa dipupul bayu, leuleus taya tangan pangawasa. Tetempoan asa poék jeung karonéng. Antukna kuring teu inget di bumi alam. 
                                                                            *** (Wawang Santika Agustini)

Ieu carpon medal di antologi Carmis nu diaping ku Bapa E. Rokajat Asura. Ieu carpon sateuacan diropea ku editor.

Comments

Popular posts from this blog

Cerpen: DARA DI BATAS USIA

JELAGA

Pangreuah-reuah dina Miéling Poé Basa Indung Sadunya