Pangreuah-reuah dina Miéling Poé Basa Indung Sadunya

 


Bangbaluh Haté

Leungeun teu eureun mencetan tarang. Sirah karasa enyut-enyutan. Rék teu enyut-enyutan kumaha tuda? Kahirupan asa beuki pikapusingeun. Barudak sakola dieureunkeun deui sakolana. Paribasa daring. Ari geus daring téh hartina salaki kuring moal bisa dagang deui di sakolaan. Padahal pan dagang di sakolaan téh pacabakannana.

Lian ti éta, mun daring pan kudu aya modal kuota keur si Cikal nu ayeuna sakola di SMP. Enya gé basa éta aya bantuan kuota ti pamarentah, tapi pan ayeuna geus teu aya. Jaba geuning teu cukup ku kuota ti pamaréntah wungkul. Da cenah teu bisa asup kana média sosial séjénna. Cukup keur diajar wungkul kuota ti pamarentah mah. Atuh angger kudu meuli kuota nu bisa asup kana sagala médsos.

Najan enya budak téh tara ngurihit, tapi da kuring gé embung boga budak tinggaleun. Jaman kiwari mah pan kudu wawuh jeung  médsos. Kapan ngagawéan tugas gé loba ningali kana internét. Nya meuli kuota saeutik-eutikeun mah sok dipaksakeun. Sigana kuota téh geus jadi salah sahiji bahan poko ayeuna mah. Sarua jeung kabutuhan meuli béas, minyak, gula, jeung bahan kabutuhan poko  séjénna. Numatak ayeuna mah sembako teh kudu diganti ngaranna. Kapan sembako mah sembilan bahan pokok. Mun ditambahan ku kuota pan jadi sapuluh. Teuing jadi naon tah ngaranna.

Jedud. Sirah nu keur enyut-enyutan karasa ngajedud. Mencétan tarang beuki ditarikan. Nyel karasa seueul jeung sebel. Komo éta pas nempo kotrétan bon warung, Gustiiii....meni ngantay. Katambah deuih aksarana pajurawet siga tulisan cékér hayam. Beuki runyay katempona. Tapi najan pajurawet gé da angger katempo. Gedé pisan hutang téh. Urut biaya dahar sapopoé jeung kabutuhan séjénna. Atuda mun teu ngahutang nya rék boga ti mana? Pan geus puguh salaki ukur tukang dagang cimol. Dagang téh kalan-kalan payu, kalan-kalan henteu.

Ari baheula waktu can daring mah rada lumayan pangasilan salaki téh da dagangna sok di sakolaan téa. Loba barudak sakola nu jarajan. Ngan ti saprak barudak diajarna daring, kapaksa dagang téh kudu ngider kaditu kadieu. Dagang cimol teu haneuteun siga baheula. Nya pangasilan gé saayana. Ari kabutuhan beuki gedé. Atuh kapaksa anjuk ngahutang. Lain teu éra ku tukang warung. Jamedud mah jamedud tukang warung téh da kerep dianjukan. Tapi da kumaha deui. Nya nguat-nguat manéh wé. Teu sirikna kandel kulit beungeut téh nyaan.

Tapi alhamdulillah najan buad baeud jeung jamedud gé sok angger méré ari nganjuk mah. Bageur kénéh kituna mah. Narajang éta tukang listrik. Gustiii...ni tara aya témpo pisan. Mun béak waktu téh kudu wé dibayar. Mun teu dibayar rék dicabut pok na téh. Numatak mayar listrik mah sok diheulakeun da sieun dicabut. Tuda jaman kiwari mah teu usum mopoék make cempor. Kuriak cemporna bahé terus kahuruan. A’udzubillahi min dzaalik. Barara’id. Sing ditebihkeun.

Can gé bérés pasualan kasusah hirup salila ieu, ayeuna geus tambah deui ku pasualan lainna. Enya yén tiap taun harga listrik jeung sembako sok naraék. Tapi asa kakara ayeuna harga minyak nérékélna jauh pisan. Lian ti hargana salangit, meulina gé hésé pisan. Teu tiap warung aya. Atuh kapaksa kuring kudu meuli kontan da bisa nganjuk téh ngan ka warung si kukut. Ka nu séjénna mah moal bisa. Sedengkeun keur kuring jeung salaki, minyak téh pan modal utama pisan. Keur dahar sapopoé onaman bisa diganti teu maké gurang-goréng. Tapi ari keur dagang cimol mah pan angger kudu maké minyak. Piraku teuing diganti ku cai.

Sirah karasa enyut-enyutan kénéh. Ragamang leungeun kana hot cream. Lédak-lédak tarang dibalur ku hot cream. Ari baheula mah sok maké tarason mun rieut kieu téh. Tapi jaman ayeuna mah da teu usum tarason. Usumna hot cream jeung fresh care.

Sanggeus dibalur, sirah karasa rada mending. Kuniang kuring hudang. Inget seuseuhan meni nambru. Geus sababaraha poé can nyeuseuh. Najan pikiran manco kénéh kana hutang jeung kabutuhan sapopoé, kuring angger kudu barang gawé. Da maenya mikiran hutang nepi ka pagawéan kabolér.

Pakéan kotor dibebes-bebeskeun kana émbér. Giriwil éta émbér dijingjing, rék nyeuseuh di jamban masjid. Di jamban masjid mah caina gedé ngagulidag.

Sabuat leumpang, pikiran angger marojéngja. Mikiran nasib diri jeung kaayaan jaman ayeuna. Asa ku pabaliut jeung rupek hirup teh.

“Assalamu’alaikum, Bu....”

Hiji sora nyelukan. Pikiran kuring kumalayang kénéh.

 “Assalamu’alaikum, Bu....”

Eta sora ngagentraan deui.

Kuring ngarandeng. Hiji rumaja putri nangtung hareupeun.

“Manawi kersa ngagaleuh acuk ieu? Abdi peryogi artos,” pokna. Leungeunna ngasongkeun kérésék nu dijingjing.

“Moal, Neng,” jawab kuring bari neruskeun leumpang. Rék meuli baju kumaha tuda. Sakieu rieutna kuring gé ku kasusah.

“Bu, abdi peryogi artos. Kanggo berobat pun biang. Manawi, Bu. Da teu awis acukna gé,” pokna deui bari ngalengis.

Kuring ngarandeg deui. Teu téga ngadéngé sorana nu lumengis.

“Saé kénéh da, Bu, acukna mah,” pokna waktu ningali kuring ngarandeng.

Manéhna ngasongkeun kérésék baju. Ku kuring ditampanan. Waktu dibuka, katempo hiji baju urut. Memang alus kénéh, tapi da teu weuteuh. Lain modél kaayeunaan deuih.

“Sabaraha, Néng?” tanya kuring asa-asa. Atuda bororaah keur meuli baju, keur meuli kaperluan sapopoé gé kapan sakieu seuseutna. Komo deui ieu keur meuli baju loakan. Nanya sotéh duméh we teu téga. Sugan jeung sugan teu mahal teuing. Sugan bisa mantuan sasieuren sabeunyeureun.

“Dua puluh rébu, Bu. Abdi peryogi kanggo ngobatan mamah,” jawab manéhna.

“Mamah kunaon kitu?”

“Teu damang tos lima dinten, teu acan diobatan,” jawabna bari carinakdak. “Ongkoh pun adi haroyongeun emam. Teu aya emameun di bumi,” pokna bari terus tungkul. Katempo cimata kaluar ti juru-juru panonna.

Deudeuh teuing. Geuning aya jalma nu leuwih ripuh ti kuring.

“Saha nami téh?” tanya kuring.

“Nadhira,” jawabna alon.

Geuning meni alus kitu ngaranna mah. Ngaran budak jaman kaayeunaan. Ditempo-tempo mah pantes budakna gé. Awak sedeng boh jangkungna boh gedéna. Rupa ogé meujeuh. Kulit katempo mulus.

“Urang mana Nadhira téh?”

“Abdi ti Cilimus, Bu. Ti ditu ogé papah abdi téh da teu gaduh ongkos. Nanawiskeun ieu acuk manawi aya nu mésér,” pokna deui.

Euleuh...deudeuh teuing. Leumpang  ti Cilimus mah lain sulap. Lalakon nu sakitu jauhna. Aya kana sababaraha kilona. Katempo manéhna maké sendal capit nu pinuh ku taneuh garing. Beungeut pias, biwir garing. Baju baseuh ngoprot ku késang.

Haté bingung. Antara hayang nulungan ieu budak jeung kanyataan nu mémang sarua balangsakna. Otak muter.

“Kahoyong mah abdi téh damel, Bu. Naon wé satiasa-tiasa. Beberesih, ngawasuh wadah, atanapi ngasuh,” ceuk manéhna.

“Kaluaran naon Nadhira téh?”

“SMP, Bu. Nembé kaluar 2 taun. Teu diteraskeun. Sok sadamel-damel upami aya nu miwarang.”

Kuring unggeuk. Nu ngaranna pakasaban, ti jaman baheula gé susah. Ti sainget kuring, saréréa ngomong yén jaman ayeuna susah néangan gawé. Tapi éta téh ti jaman baheula kénéh. Berarti pakasaban téh mémang hésé sapanjang jaman. Komo deui ayeuna, sanggeus nu ngaranna corona datang. Tong boro néangan gawé. Nu geus gawé gé di-PHK pan.

“Antosan sakedap,” ceuk kuring. Manéhna unggeuk. 

Kuring balik deui ka imah. Seuseuheun disimpen di téras. Gura-giru kuring asup ka imah, rék néang teuteundeunan. Asa nyimpen duit salambar-lambareun mah.

Leungeun seselempét kana handapeun baju panghandapna. Asa nyimpen duit. Upuy –apay, kudak-kodok. Tapi weléh teu manggih. Antukna baju diburudulkeun. Dikodokan hiji-hiji, sugan aya nu nyelap. Lebeng. Kuring ngahuleng. Deuh, karunya teuing Nadhira. Tada teuing sedihna mun teu beubeunangan. Mangka ditarungguan ku indung jeung adi-adina. Padahal mun dipikir, duit dua puluh rébu ukur mahi kana minyak goréng saletereun. Tapi meni hésé pisan manggih duit sakitu gé.

“Nuju naon, Mah?” kadéngé sora si Cikal. Kuring ngalieuk. Bari rada asa-asa, kuring nyaritakeun Nadhira, budak nu keur nungguan di luar.

Si Cikal unggut-unggutan.

“Sakedap, Mah,” pokna.

Teu lila manéhna datang deui bari mawa céngcéléngan tina bahan plastik.

“Manawi aya sakedik-kedikkeun,” pokna bari meulah céngcéléngan ku cutter.

“Ih, ulah. Kapan éta mah sisimpenan Imas,” kuring ngahulag.

“Teu sawios, Mah. Pan urang téh kedah nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah sanés?” ceuk si Cikal. Teu asa-asa céngcélénganna dibeulah. Eusina diburulukeun. Duit dua rebuan paselang jeung duit kencring lima ratusan katut sarebuan. Tuluy ku manéhna diitung. Sedengkeun kuring ukur ngembang kadu bari haté guligah.

“Sadayana dua puluh genep rebu,” pokna bari mikeun duit ka kuring.

“Imas...ridho?” tanya kuring dibarung ku sora nu ngageter.

“InsyaAllah ridho, Mah,” témbal Imas. Kuring unggeuk. Piceurikeun nyelek dina tikoro. Kagagas ku budak. Najan jelema teu boga, manéhna ridho mikeun duit sisimpenanna keur batur nu leuwih butuh.

“Nu genep rebuna mah simpen wé. Keur tunggul kuras.” Kuring ngasongkeun duit genep rebu. Beungeut ngabalieur, nyumputkeun cimata nu méh ragrag.

Sanggeus kitu, kuring gura-giru ka dapur, néangan kadaharan nu bisa dibikeun. Tapi teu ku hanteu, meni sagala suwung. Néang pabéasan, kosong. Néang goah, lening. Euweuh cau euweuh jagong. Da puguh kuring teu boga kebon. Duh, naon atuh nya bikeuneun?

Tuluy kuring kurah-koréh kana kérésék nu ting talambru. Goréhél manggih sampeu sakérésék leutik. Kakara inget, éta sampeu paméré can kaburu diasakan. Alhamdulillah. Sampeu dikaluarkeun hiji. Sésana dibawa, rék dibikeun.

Gura-giru kuring kaluar, néang Nadhira. Katempo éta budak diuk di téras bari ngalangeu. Awakna nyarandé kana tihang. Manéhna cengkat nalika nempo kuring datang.

“Nadhira. Ieu aya dua puluh rebu mah. Tapi récéh. Sareng ieu sampeu sakedik. Hapunten, nya, Ibu teu tiasa masihan ageung sareng teu tiasa masihan emameun nanaon deui,” ceuk kuring.

Manéhna nampanan duit jeung sampeu. Tuluy ngasongkeun kérésék baju nu rék dijual téa.

“Wios candak deui wé éta mah,” ceuk kuring.

“Tapi, Bu, abdi mah pan badé ngical,” cek manéhna.

“Muhun ku Ibu dipésér, tapi ku ibu dipasihkeun deui ka Nadhira,” jawab kuring.

Nadhira katempo ngalimba. Cai panon ngeyembeng.

“Hatur nuhun, Ibu. Sing kagentosan deui ku nu langkung ageung,” pokna bari nyium leungeun.

Kuring unggeuk bari nahan piceurikeun nu geus nyelek tatadi dina tikoro. Sedih ku itu ku ieu. Sedih mikiran nasib diri, kagagas ku si Cikal nu sakitu soléhna, ogé sedih teu bisa méré leuwih ka Nadhira (bari méré ogé pan tina céngcéléngan si Cikal).

Gusti, mugi-mugi kahirupan abdi sadaya sing robih, sing waluya, berekah dunya akhérat.*** (Wawang Santika Agustini)



Comments

Post a Comment

Popular posts from this blog

Cerpen: DARA DI BATAS USIA

JELAGA