Posts

Showing posts from February, 2022

Pangreuah-reuah dina Miéling Poé Basa Indung Sadunya

Image
  Bangbaluh Haté Leungeun teu eureun mencetan tarang. Sirah karasa enyut-enyutan. R ék teu enyut-enyutan kumaha tuda? Kahirupan asa beuki pikapusingeun. Barudak sakola dieureunkeun deui sakolana. Paribasa daring . Ari geus daring téh hartina salaki kuring moal bisa dagang deui di sakolaan. Padahal pan dagang di sakolaan téh pacabakannana. Lian ti éta, mun daring pan kudu aya modal kuota keur si Cikal nu ayeuna sakola di SMP. Enya gé basa éta aya bantuan kuota ti pamarentah, tapi pan ayeuna geus teu aya. Jaba geuning teu cukup ku kuota ti pamaréntah wungkul. Da cenah teu bisa asup kana média sosial séjénna. Cukup keur diajar wungkul kuota ti pamarentah mah. Atuh angger kudu meuli kuota nu bisa asup kana sagala médsos. Najan enya budak téh tara ngurihit, tapi da kuring gé embung boga budak tinggaleun. Jaman kiwari mah pan kudu wawuh jeung   médsos. Kapan ngagawéan tugas gé loba ningali kana internét. Nya meuli kuota saeutik-eutikeun mah sok dipaksakeun. Sigana kuota téh geus jadi sal