Carpon: Sasalad

 Ratna ngusapan beuteung nu bulan alaeun. Orok karasa nénjragan di jero beuteung bari teu eureun muter. Mun ceuk kolot mah keur néangan lawang. Moal lila deui gé ngaborosot sigana mah.

Manéhna nyarandékeun awak kana tembok. Cangkéngna karasa cangkeul jeung nyeri. Angen asa nyelek, katénjragan wae ku utun inji nu beuki motah. Dibarung ku kosongna padaharan, can kararaban sangu sakeprul-keprul acan ti isuk. Lain teu lapar, lain teu watir ka utun inji. Seueulna mah seueul nataku. Tapi euweuh huapkeuneunnana. Béas béak, sangu suwung. Teu sampeu, teu hui, teu jagong. Bubuhan cicing di kota bari hirup ngontrak di kamar sagéwok. Teu aya lahan keur melak céngék-céngék acan. Mun euweuh téh nya euweuh we. Euweuh pasakeun, euweuh huapkeuneun. Pan cai keur inumeun gé kudu meuli. Antukna Ratna ngan ukur bisa neureuyan ciduh bari ngararasakeun peurihna padaharan.

“Tong mijah-mijah teuing atuh, Utun. Ieu angen Ema asa nyelek,” ceuk Ratna bari angger ngusapan beuteungna. Bangun nu surti, éta utun inji ngadadak cicing. Siga nyaho kana kaayaan haté indung nu keur baluweng.

“Ma, hoyong emam. Lapar,” si Cikal nu tatadi saré nguniang hudang. Budak téh tadi isuk-isuk ceurik hayang jajan. Dipapalérkeun nepi ka saréna. Lumayan tibra. Capé ku ceurik sigana mah. Ayeuna rék wanci tengah poé kakara hudang.

Ngadéngé si Cikal nyebut lapar, hate Ratna lumengis. Mun kongang mah hayang ceurik maratan langit, ngocéak maratan jagat. Manéhna bisa nahan lapar. Orokaya budak nu karék lima taun, bisa nahan lapar kumaha? Watir ari kudu puasa lain wayah mah.

“Deudeuh teuing, Ujang. Teu aya emameun,” ceuk Ratna alon bari merebeykeun cimata.

“Naha teu aya emameun waé, Ma? Pan Cép Arul mah meni sok seueur emameun di bumina. Cocooanna ge meni saraé. Aya momobilan, kakapalan, sareng rorobotan. Hoyong abdi gé, Ma,” budak norowéco.

“Muhun ké, nya, upami tos aya acis urang mésér,” Ratna ngupahan.

“Mésér cocooan, Ma? Asyiiik…. Sing seueur, nya. Abdi hoyong rorobotan nu sapertos Cep Arul. Sareng momobilan, sareng kakapalan….” Budak terus norowéco.

Sigana kabangbalérkeun ku obrolan, budak teu menta deui hayang dahar. Capétang budak teh. Sagala diobrolkeun. Bubuhan pinter jeung lucu pisan.

Ningal budak soléh kitu téh atoh kacida. Ngan atohna dibarung ku rasa ngahelas. Meni asa diteungteuingan ku nasib. Kaalaman ngumbara di kota. Cicing di kamar sagéwok, dieusian ku tiluan. Atuh heurinna gé nataku. Baju raweuy dina tali. Seuseuheun ting talambru. Wadah-wadah sarupaning piring jeung gelas disimpen di juru, dina dus.

Dua taun ka tukang, Ratna mimiti ngumbara ka kota, milu ka salakina. Asalna mah salakina téh ngurus kebon batur di lembur. Ngan basa aya nu ngajak kuli ka kota, salakina pindah. Ratna  katut budak diajak. Betah teu betah, Ratna kudu betah, da diajak ku salaki. Mimitina Ratna asa ngarumas. Tuman unggal poé cicing di lembur nu suni bari nyingreup hawa seger. Ti saprak pindah ka kota manéhna kudu nyingreup kebul knalpot jeung ngarasakeun hawa panas unggal poe. Ngan ku bakti ka salaki, Ratna nguat-nguat manéh.

Sapoé dua poé, sabulan dua bulan, kahirupan lumayan cukup. Dicukup-cukup sabenerna mah, da ari disebut cukup nyaan mah henteu. Dua taun jadi kuli bangunan. Alhamdulillah ku leket jeung tumarima mah teu burung we berekah kahirupan teh.

Ngan sabulan katukang, salakina dieureunkeun gawé. Cenah mah dirumahkan. Alatanna mah dunya keur ngalaman sasalad, tragedi nu rongkah kacida. Alam dunya keuna ku panyakit Covid-19. Panyakit nu jadi sasalad tur ngabaruang ka sakabéh umat di dunya ieu. Ceuk berita, Covid-19 geus ngalumpuhkeun sagala aspek kahirupan di dunya. Ti mimiti loba nu maot, sakola diliburkeun, nepi ka karyawan nu di-PHK.

Tukang kuli bangunan teu bisa deui kuli da moal aya nu ngabangun di waktu werit model kieu mah. Tukang jajanan moal bisa dagang deui da bubuhan euweuh nu meulina. Pabrik-pabrik teu bisa deui produksi da tempat tujuan dagangna ditutup. Sakola diliburkeun, tempat wisata ditutup, mall jeung supermarket ditutup, toko-toko ditutup. Ampir sagala aspek kahirupan lumpuh. Ampir tiap kulawarga tinghariul di imahna séwang-séwangan, bingung pipetaeun.

Batur nu kaum gajih jeung loba pakaya mah moal teuing ngarasa susah. Najan enya ceuk sasaha sarua hese duit, tapi moal karasa pisan siga rahayat leutik model Ratna nu teu harta teu banda.

Salakina dirumahkan geus sabulan lilana. Duit nu salila ieu dikempil-kempil béak dipaké keur biaya dahar sapopoé. Kangaranan duit, geus diawét-awet gé angger we béak. Da bubuhan kabutuhan merekpek unggal poé.

Malah kamari soré Ibu kos geus nagih duit séwaan bari sindir sampir jeung gudad-gadeud. Teu aya karinganan, teu aya ombér. Pokona Ratna kudu mayar kos. Mun henteu, Ratna sakulawarga kudu gancang ka luar ti éta tempat sabab rek diséwakeun ka nu lain.

Ratna jeung salakina baluweng. Bingung kumaha pipetaeun. Erek dagang nguriling, lain waktuna. Mang Juned ge tukang batagor ngaheruk. Modal kaluar, nu meuli euweuh da kabeh jelema cicing di imah. Antukna, modal lapur dagangan euweuh. Mang Juned nganggur ayeuna. Nyakitu deui Mang Karna tukang kupat tahu, geus eureun tina dagangna. Pan sing saha waé gé teu meunang ngumpul ngariung katut indit kaditu-kadieu. Jadi euweuh pisan nu mareuli. Antukna padagang areureun dagangna. Kabéh caricing di imah. Nyakitu deui Ratna jeung salakina, ngan ukur cicing di imah bari nyeungceurikan nasib.    

Tadi isuk-isuk aya béja, salakina dipanggil ku dunungan tempatna gawé. Atoh lain bobohongan. Sugan jeung sugan geus bisa ngamimitian deui gawé. Rebun-rebun salaki Ratna geus indit. Sumanget siga pajoang 45. Atuda rek teu sumanget kumaha. Mangka beas meni geus teu samata-mata acan. Ari parabaneun tiluan: Ratna, salakina, jeung budakna. Ongkoh beuteung Ratna geus mendeyang bulan alaeun. Ari duit can aya duit sapésér-pésér acan keur nyanghareupan ngalahirkeun. Boroning siga batur balanja samping, baju orok, jeung seuseungitan budak. Keur meuli béas gé euweuh apanan.

Numatak budak tatadi ceurik lapar téh hayoh wé diupahan. “Ngantosan Apa uih meser emameunna,” pok Ratna ka budakna. Nya, sugan jeung sugan salakina balik mawa duit. Keur nyambung nyawa, meuli beas jeung kadaharan.

Ratna anteng ngumbar lamunan. Budakna bacéo kénéh nalika aya nu uluk salam di luar. Teu lila katempo salakina asup bari ngalénghoy. Ratna ngoréjat hudang.

“Naha tos mulih deui, Kang?”

Salakina teu ngajawab. Katingali ngahuleng sajongjonan. Geus rada lila, manéhna kakara muka carita.

“Teu bisa deui gawé. Akang dikaluarkeun. Di-PHK,” pokna alon.

“Tong boro Akang nu saukur kuli bangunan, karyawan pabrik gé loba nu di-PHK,” ceuk salakina deui. “Ngan dunungan hahampuraan teu bisa méré pesangon da sarua keur werit. Ieu wé cenah lumayan sembako keur poe ieu,” salakina nyimpen kérésék eusi béas, gula, jeung minyak di hareupeun Ratna.

Nyel seueul pacampur jeung mules. Hulu angen asa ditiruk. Tetempoan Ratna ngadadak poék. Kacipta keneh paroman Ibu kos nu nagih duit séwaan bari gudad-gadeud. Mun teu kabayar poe ieu, nya meureun kapaksa kudu ninggalkeun ieu tempat. Mangka ieu utun inji asa geus mereg wae ka handap. Boa ke soré atawa peuting gé ngagebrol. Ari duit teu nyekel sapéser-pésér acan. Kumaha deuih ke keur biaya hirup sapopoe manéhna sakulawarga? Pangpangna mah keur dahar si Cikal nu meujeuhna bilatung dulang.

Tetempoan beuki poek. Orok beuki tarik nénjrag tina jero beuteung. Padaharan beuki peurih jeung seueul. Beuteung beuki mules. Hujan ngadadak turun dibarung ku kingkilaban nu pating burisat, maturan guligahna kaayaan haté Ratna.*** (Wawang Santika Agustini)

Malangbong, April 2020
Hatur nuhun parantos maos ieu carpon 😊😊.


 

Comments

Popular posts from this blog

Cerpen: DARA DI BATAS USIA

JELAGA

Pangreuah-reuah dina Miéling Poé Basa Indung Sadunya